PEDARAN NOVEL SUNDA

 Pedaran Novel



A.Wangenan Novel
          Kecap Novel asalna tina basa latén. Asal kecapna nyaéta novus nu hartina anyar, robah jadi novellus, tuluy robah deui jadi novel.Novel oge kaasup wangun karya sastra anu miboga wangun carita anu panjang. Wangun carita novel leuwih panjang ti carita panjang (long short-story) komo carita pondok mah. 

B.Unsur Intrinsik Novel
          Unsur-unsur anu aya di jero novel nyaeta:
a.    Tema
téma téh nya éta hiji tangtungan atawa hiji ageman anu sifatna abstrak, dipageuhan dian racikan karangan rékaan pikeun ngayakinkeun nu maca, bisa jadi ku pangarang ditembrakeun (ditulis) tapi mimindengna mah implisit.C
indekna nu disebut téma téh nya éta anu jadi jejer utama atawa ide utama pamikiran pangarang anu timbul tina pasulan hirup.
b.    Latar (setting)
Latar atawa setting nya éta gambaran waktu, kaayaan pajamanan, patempatan, lingkungan, suasana, jeung saterusna nu ngalantarankeun kajadian carita. 
c.    Amanat
Pesen anu nyangkaruk dina hiji carita nu haying ditepikeun panulis kanu maca. Amanat aya anu langsung nembrak karasa ku nu maca, aya anu dibalibirkeun henteu togmol. Amanat biasana nepikeun hiji ajaran moral, atawa pesen sangkan masarakat robah kaayaanana, boh kahirupan fisikna boh kahirupan batinna atawa rohanina.
d.   Galur/ plot
Runtuyan kajadian atawa kagiatan nu aya dina hiji carita pangarang ngamiitian carita ngaliwatan hiji kajadian anu matak panasaran atawa nimbulkeun pananya, atawa suspense. Atawa mungkin baé henteu, Sanggeus kitu maju kana klimaks, sarta ahirna nepi karéngséna masalah
e.    Palaku
Bedana palaku anu ngalakon dina sastra buhun, palaku dina novel mah umumna manusa. Dumasar kana ilibiungna dina lalakon, palaku dina novel teh bisa dibagi dua, nyaeta palaku utama jeung palaku panambah. Palaku utama nyaeta anu nyekel lalakon, sedeng palaku panambah nyaeta anu ngabantuan palaku utama. Watek palaku anu aya dina novel teh rupa-rupa aya anu jujur, hianat, sabar, teu kaopan, bageur jeung sajabana. Watek palaku teh sok di saluyukeun jeung tema carita.        

C.Papasingan Novel
     a.Novel Barudak
Novel barudak nyaeta novel anu diajangkeun pikeun bacaeun barudak. Masalah anu dicaritakeunana, masalah-masalah anu raket patalina jeung kahirupan barudak. Kitu deui dina cara nyanghareupan jeung ngarengsekeun eta masalah, luyu jeung pikiran katut jiwa barudak. Palaku utamana oge barudak deuih.
Novel barudak jeung pangarangna dina sastra Sunda, di antarana:
a.    Samsudi: Budak Teuneung, Budak Minggat
b.    Tatang Sumarsono: Miang jeung Kaludeung, Si Paser
c.    Hidayat Soesanto: Guha Karang Legok Pari, Bima Rengkung
d.   Ahmad Bakri: Nu Sengit Dipulang Asih
     b. Novel Rumaja
Novel rumaja nyaeta novel anu eusina nyaritakeun masalah-masalah rumaja. Kitu deui palaku utamana oge pararumaja. Sawatara conto novel rumaja nyaeta Cinta Pabeulit karangan Eddy D. Iskandar, Rini karangan Yoseph Iskandar, Lalangse karangan Aam Amilia.
    c.  Novel Dewasa
Novel dewasa, tangtu bae diajangkeun pikeun bacaeun anu geus dewasa (sawawa). Eusina nyaritakeun masalah-masalah jalma anu geus dewasa. Kitu deui jeung palaku utamana. Conto novel dewasa Rusiah nu Goreng Patut beunang Yuhana jeung Sukria.
          Dumasar kana temana jeung masalah anu dicaritakeunana, novel Sunda bisa dipasing-pasing jadi:
a.    Novel Silihasih
Novel silihasih nyaeta novel anu eusina nyaritakeun cinta asmara palaku utamana. Contona: Lain Eta karangan Moh. Ambri, Cinta Pabaliut karangan Eddy D. Iskandar, Lalangse karangan Aam Amilia, Manehna karangan Syarif Amin.
 b.    Novel Kulawarga
Novel rumah tangga nyaeta novel anu eusina nyaritakeun masalah kulawarga palaku utamana. Contona: Pipisahan karangan R.A.F., Puputon karangan Aam Amilia.
c.    Novel Sosial
Novel sosial nyaeta novel anu eusina nyoko kana masalah sosial, saperti kateuadilan, kateureugeujeungan, atawa gejolak sosial dina hiji mangsa. SI palaku bisa jadi mangrupa subyek, korban, atawa saksi eta kaayaan. Contona: Lembur Singkur karangan Abdullah Mustappa.
d.   Novel Misteri
Novel misteri nyaeta anu eusina nyaritakeun hal-hal anu ngandung rusiah, anu biasana kabuka dina bagian ahir eta novel. Upamana bae nyaritakeun neangan palaku rajapati atawa palaku kajahatan sejenna. Contona: Laleur Bodas karangan Samsu (Sambas jeung Susangka), Si Bedog Panjang karangan Ki Umbara.
e.    Novel Sajarah
Novel sajarah nyaeta novel anu eusina ngandung unsur-unsur sajarah. Boh palaku utamana boh kajadianana nyoko kana sajarah. Contona: Pangeran Kornel jeung Mantri Jero karangan R. Memed Sastrahadiprawira.
f.     Novel Jiwa
Novel jiwa nyaeta novel anu eusina nyaritakeun hal-hal anu patali jeung jiwa palaku utamana. Contona: Arca beunang Ningtun Julaeha.



PEBEDAAN NOVEL JEUNG CARPON
NovelCarpon
aya konflik batinteu kudu aya
watek palaku digambarkeun detailwatek palaku digambarkeun singget
galur carita leuwih rumitgalur carita leuwih sederhana
latar leuwih lega jeung waktuna leuwih lilalatar jeung waktu kawawatesanan
wangunna leuwih panjangwangunna leuwih pondok
jumlah kecap dina novel minimal 35.000 kecapjumlah kecap dina carpon maksimal 10.000 kecap

No comments:

Post a Comment

hari ke 49 bersama mamah dan aa

Yogyakarta,3 Oktober 2106 Assalamualaikum Wr.Wb selamat sore   kawan.... Hai kawan bertemu lagi dengan saya iyus yusnadi at...